Selasa, 01 September 2015

Tugas nyieun biografi



Biodata indung
Nami indung abdi the Iin Kurniasih, dilahirkeun di Surabaya, kaping 21 april 1971 ti pun rama Dzakaria sareng pun biang jamiasih. Sakola taman kanak kanak na, di TK di Jagir, Sidomukti, saenggeus lulus TK, indung abdi pindah bumina ka daerah Rungkut jeung ngalanjutkeun sakola ka SD di SDN Kalirungkut 1 di Surabaya , lulus ti SD indung abdi ngalanjutkeun sakola di SMP Suryonugroho di Sidosermo , Surabaya,lulus ti SMP indung abdi ngalanjutkeun pendidikan ka SMEA kelintang dina jurusan perkantoran.
Lulus ti SMEA anjeunna damel di PT.Panjang Jiwo salaku administrasi pabrik minuman “Anggur Orang tua” sanggeus eta pindah padamelanana ka citeureup, tapina kaluar,jadina anjeunna damel di matahari dina jalan kapten muslihat di Bogor, sanggeus kerja di matahari indung abdi kerja di jambu dua, tepi ka taun 1998 indung abdi nikah jeung bapa abdi, sanggeus ngalahirkeun abdi anjeunna enggeusan damelna ,ayeuna mah indung abdi nteu damel nanaon.

Biodata Bapa
Nami bapa abdi Agus Rachmat Kustiadi, dilahirkeun di Bogor, kaping 25 Agustus 1966 ti pun Rama Edi Sundjaya sareng pun biang Kustiah, dina yuswa 6 taun bapa abdi lebet ka Tk.Semboja Sari di kampong gudang, saterasna leubeut ka SDN empang 2. Yuswa 10 taun bapa abdi di kantunkeun pun ramana, sanggeus di kantunkeun ramana, indungna bapa abdi nikah deui ka Tatang Sumarta. Bapa abdi gaduh tilu rayi sakandung, nu hiji pameget nu dua istri, jeung opat urang rayi sejen bapa, opat-opat na teh istri.dina taun 1979 bapa abdi lebet ka SMPN1 Bogor, teras taun 1982 neraskeun ka SMAN 5 Bogor lulus taun 1985, lulus ti SMA bapa abdi neraskeun kuliah di ATPU fakultas teknik, lulus taun 1990 kenging diploma 3 bapa abdi ayeuna di damel di PT.RAJAWALI MITRA SELARAS salaku pelaksana lapangan di proyek perumahan. Taun 1998 nikah ka Indung abdi Iin Kurniasih.dipasihan tilu putra sareng hiji putri.

Biodata Batur
Nami rerencangan abdi the Tegar Fadhillah.N.P, tiasa disauran Tegar, anjeunna dibabarkeun di Jakarta dina 1 Maret 1999. Bumina di Bojong Depok baru blok MX 4. Ayeuna nggeus 15 taun, taun 2002 anjeunna diajar di TK cerdas ummat di Bojong Gede. Dina taun 2005 anjeunna asup ka SD pajeleron di cibinong,lulus SD anjeunna neraskeun pendidikan ka SMPN 19 Bogor.tepi ka ayeuna anjeunna nggeus sakola di SMAN9 Bogor dina kelas xi, anjeunna teh awalna boga cita-cita jadi dokter tapi ayeunna mah anjeunna hoyong jadi insinyur.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar